Pamèpès Hatè
Lir ibarat kalangkang, deukeut anggang bisa diatur ku urang.
Bisa ilang tur nèmbongan.
Datangna teu kaharti, gandrung liwung miharep nu kapiati.
Panjang lalakona.
Lamun tos deudeuh, sesah hilapna.
Lamun ngahiji, bakal jadi batur sa ati.
Soca deudeuh.
Netep seukeut.
Pamenteu anu marahmay.
Tah èta sima manèhna.
Teu kaop teu pendak sadinten, teu beunang di papalèrkeun, teu benang dibebenjokeun.
Di tèang hayang patepang,
Ngolèbat siga ngalangkang.
Beurang jeung peuting teu genah cicing,
Duh angin, jig pang nepikeun,
Harèwos hatè kadeudeuh.
Teu kudu anu mèwah.
Nu penting nyieun bungah.
Kajeun sederhana tapi mawa bagja,
Sabab harta jeung tahta lain jaminan,
Pikeun hirup jadi sampurna.
Bantarkalong, 25 Pebruari 2020

0 Comments: