Pepeling sepuh (Wilujeng tepang taun)
Nyérélékna waktu, geus jadi katangtuan. Ti poé ka poé kudu leuwih hadé, nyieun kahadéan ulah diengké-engké. Ti taun ka taun hirup kudu langkung kayungyun. Genti taun, lain saukur sukan-sukan, tapi kudu dibarengan ku sukuran. Wilujeng tahun anyar, umur ngurangan, mugia tinekanan sagala harepan.
Hirup kudu akur. Boh jeung dulur boh jeung batur, ulah pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian, teu meunang sirik pidik jail aniaya ka sasama. Omat hidep kudu silih talingakeun, silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Suprih pangarti sing masagi, hontal cita-cita sing tinekanan. Lamun hidep manggih karerepet ulah mopo memeh nanggung, méong memeh dipacok.
Teteh didu'akeun ku Appa, sing jadi jalma nu pinuh ku pangarti, luhung ku elmu, jembar ku pangabisa, landung kandungan laér aisan, leuleus jeujeur liat tali tur daék nulung kanu butuh, nalang kanu susah. Sing wanian ngan teu meunang wawanianan. Sing hideng ngan ulah hihidenganan. Kudu daék ngéléhan tapi lain harti éléhan.
Teteh didu'akeun ku Mamah, sing jadi jalma nu guna pikeun balaréa, agama, katut nagara. Tong poho, yen Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat. Ku Indung jeung Bapak moal burung diduakeun, "Bral gera lumampah, jung gera lumaku, jig gera indit, sing samanundut ginulur lan sapaneja tinekanan anjeun ditetepkeun aya dina rohmat sareng pitulung Gusti anu kagungan."
Kadé geulis, dimana hidep nanjung, hurung nangtung siang leumpang, luhur kuda gedé dunya, tong adigung adiguna, asa aing uyah kidul. Ka sepuh ulah culangung. Kanyaah sepuh ka hidep téh leuwih ti nanahaon. Dinangna dinéngné, kawas nanggeuy endog kokonéngna. Ceuk paribasa, "belaan dug hulu pet nyawa" bakating ku sieun hidep sangsara jeung tunggara. Teu sirikna unggal peuting jumerit muntang tulung ka Nu Maha Agung sangkan hidep jadi jalma anu mangpaat, luhur harkat gedé darajat.
Teteh, ku Mamah sareng Appa sok rajeun digeunggeureuhkeun lain geuleuh atawa ngewa, ngan bakating ku deudeuh sangkan anak teu tijalikeuh. Remen dicarékan téh lain bosen miara tapi sangkan hidep teu carékeun atawa ka nepi ka aya nu nyarékan.
Mamah jeung Appa peupeujeuh, beuki gedé téh kudu beuki soleh lain beuki salah. Beuki luhur sakola téh sing beuki nyakola. Tingkah polah sing merenah, nyieun tindakan kudu dibeuweung diutahkeun, ulah gereges gedebug geutah harupateun.
Teteh kudu bisa ngarumasakeun manéh, hirup batan sakieu. Kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak. Lieuk euweuh ragap taya. Ngan sanajan lubak libuk loba harta. Bru di juru, bro di jero, ngalayah di tengah imah ogé tong poho kana purwadaksi. Sing inget, yén sajaba ti bakal bilatungan téh, manusa mah bakal balitungan. Sing depé-depé handap asor.
Hidep salawasna kudu éling ka Pangéran anu ngusik malikkeun urang. Sing leuwih jembar, sagala kasusah kabingung gancang nyingkah, bubar. Di mana pinanggih jeung peurih ulah rek aral subaha. Angguran peureuh eta kapeurih ku enyi sing nepi ka jadi peurah.
Wilujeng Tepang Taun, bageur! Nuhun kanu tos ngadaru'akeun kanggo sagala rupi kabagjaan dunya rawuh akherat 💌
Tasikmalaya, 21 Januari 2022

Sima aing Sima maung, maung asing ti Galunggung, Prung geura tarung, lamun eleh moal rek pundung, lamun meunang moal rek adigung,..
ReplyDeleteMeeoongg ����
Maung mah nga gaung a, méong mah hama lauk tea. Wkwk
Delete