Nitipkeun Kanyaah, Namplokeun Kaheman

11/02/2021 09:26:00 PM Sena Putri Safitri 0 Comments


Munggaran urang patepang
Di bumi parahiyangan
Namplokeun kahèman
Silih nitipkeun kanyaah

Anjeun datang jungjunan...
Nyorang lembur nu èndah ligar
Neang kuring nu ngalangkang dina rasa
Medalkeun kanyaah nu ngumpul na jero dada

Urang anteng padudua an
Maheutkeun jangji pasini
Urang otèl padudua an
Hareupan nyanding laksana

Gurat angin jadi haleuang
Kadeudeuh beuki karasa
Halimun jadi panuyun
Kana hèman na salira

Unggal usik rasa ning hoyong patepang
Hujan marengan nyorèang mangsa katukang
Aduh Akang...
Salira moal kaganti sabab hatè geus ka patri

Keclak ci soca maseuhan damis salira
Nyurucud lila nutup bagja nu mangkukna
Lalakon hatè geus sakieu jauh na
Gusti... Akang ngalayang dina èmutan

Beuki muka lawang katrèsna ka salira
Beuki molongo panto kasono ka salira
Dag dig dug hatè masih karasa
Tah didinya di palebah Singaparna

Duka iraha
Duka dimana
Urang tepang kadua
Medarkeun rasa kacinta

Singaparna Medical Center Tasikmalaya, 2 Nopember 2021

You Might Also Like

0 Comments: